Sancang Ngahiang - MK6 KDM
Gumuruh ombak tikidul
Nganteur guligah na rasa
Lemah teu napak Sagara
Rek mulang, mulang kamana
Rageg anjing diburuan
Muru tulang panyesaan
Daging dibawa kudeungeun
Mepende ku totopengan
Kula melang kula ringrang
Lembur Endah panineungan
gecer Alam pacengkadan
Poho kajirim sorangan
Di sancang kula ngahiang
Ninggalkeun alam kasorang
Lembur Endah panyileukan
Isukan baris kateang
Comments
Post a Comment